Nadoman Sunda
28 Mei 2015Gusti urang sarerea
Kangjeng Nabi anu mulya
Muhammad jenenganana
Arab Qurais nya bangsana
Ramana sayyid Abdullah
Ibuna Siti Aminah
dibabarkeunna di Mekkah
Wengi Senen taun Gajah
Rabi'ul Awal sasihna
tanggal kadua belasna
april bulan masehina
tanggal kadua puluhna
Ari bilangan taunna
lima ratus cariosna
tujuh puluh panambihna
sareng sahiji punjulna
Siti Aminah misaur
waktos babarna kacatur
ningal cahya mani ngempur
dibumina hurung mancur
Babar taya kokotoran
orok lir kenging nyepitan
soca lir kenging nyipatan
sarta harum seuseungitan
Keur opat taun yuswana
diberesihan manahna
Nabi dibeulah dadana
Malaikat nu meulahna
Jibril kadua rencangna
Mikail jenengan nana
Ngeusikeun kana manahna
Elmu Hikmat sapinuhna
Tuluy dada Kangjeng Nabi
gancang dirapetkeun deui
sarta teu ngaraos nyeri
di lap ku khotaman nabi
Nuju tanggal tujuh likur
Bulan Rajab nu kacatur
nurut kaol anu mashur
Kangjeng Nabi teh disaur
Dipapag ku Malaikat
nyandak Buroq nu kasebat
Leumpangna teh cara kilat
tungganganeun Nabi angkat
Ti Mekkah k Baitul Maqdis
teu nganggo lami antawis
ku jalma henteu katawis
Kersana Gusti nu wacis
Ti Baitul Maqdis terasna
naek na tangga kancana
Mi'raj tea kasebatna
ka langit Nabi sumpingna
Tujuh langit sadayana
jeung Arasy nu pangluhurna
disumpingan sadayana
katut surga narakana
Kangjen Nabi ditimbalan
ku Gusti ni sifat Rahman
anjeuna kudu netepan
salat muji ka pangeran
Kabeh jalma anu iman
sami pada kawajiban
salat nu lima giliran
henteu meunang dikurangan
Salat eta minangkana
dina agama tihangna
jalma nu luput salatna
nyata rubuh agamana
Baca juga
Janganlah Sekali-kali Meremehkan Sebuah Kebaikan
(BC Kawan) dari Ibnul Qayyim Al Jauziyyah dalam Kitab Miftah Daaris Sa'aadah